Senin, 29 Desember 2014

Contoh Cerpon

Cakcak

Ku Ena Rs.

Ngaran kuring teh Cakim.
Ulah heran, lamun cek bangsa manusa mah eta ngaran teh kaasup goreng. Teu nanaon, kuring mah da lain bangsa manusa ieuh. Kuring mah saenyana bangsa cakcak.
Enya, cakcak!
Sarerea oge pasti apal ka bangsa cakcak mah. Meh aya di unggal imah, dina tembok jeung lalangitna. Dina tukangeun lomari jeung di para. Tingkarayap ning, jiga nu taya kapaur.
Hirup bangsa kuring teu weleh deukeut jeung bangsa manusa. Di mana aya manusa, di dinya pasti aya bangsa kuring. Najan enya hare-hare. Kuring-kuring, manusa-manusa.
Malah bangsa kuring mah nganuhunkeun pisan ka manusa teh. Sabab teu kudu hese cape, bangsa kuring bisa boga tempat matuh. Euweuh dina sajarahna bangsa cakcak nyieun imah. Enya, lin?
Tapi ketang aya kalana bangsa manusa oge ngamusuh ka bangsa cakcak, lantaran dianggap ngotoran imahna. Bangsa kuring dikepukan ku sapu, dimusnahkeun. Harianeun ari bangsa meong jeung toke, eta mah musuh gerot, da geuning maranehna mah beukieun bangsa kuring.
Asana, bangsa manusa mah jarang nu merhatikeun kahirupan bangsa kuring. Enya, keur naon atuh, nya? Ari kuring mah, daek teu daek, sok merhatikeun sagala rengkak paripolah manusa, utamana nu boga imah, sakulawargana. Teu rek kitu kumaha tuda, diembung-embung ge sok kadenge jeung katempo. Cicing dina lalangit atawa tembok tea, di luhur pasti awas ka nu di handap mah...
Kuring ayeuna cicing di imah panggedena di komplek ieu. Lobaan sabenerna mah nu cicing di dieu teh. Tapi kuring mah wanohna jeung Si Cakem. Manehna teh bebene kuring. Ari nu dicicingan ku kuring mah kulibak-kulibek dina lalangit kamer pembantu jeung rohangan makan...
Anyar ketang di dinya mah. Samemehna kuring jeung Si Cakem teh cicing di lalangit rohangan tengah. Ngan kusabab asa sok sering garandeng, ahirna mah pindah ka dieu. Enya ka rohangan makan jeung kamer pembantu...
Ngaran pembantuna teh Neng Titin. Umurna karek dua puluhan. Parawan keneh. Sakitu mah boga rupa. Enya, geulis cek ukuran bangsa manusa mah. Cacak mun lain jadi pembantu mah meureun tembong beuki geulis wae.
Manehna teh urang lembur, ngumbara ka kota. Gawe di dinya geus lila jigana mah... Da sainget kuring ti leuleutik, manehna teh geus aya di imah ieu...
Kapake meureun ku dununganana. Eta we da tara kadenge dicarekan atawa digeunggeureuhkeun. Ongkoh Neng Titin teh jalmana rapekan. Sagala panitah dunungan teu weleh dilaksanakeun kalayan hade.
Ari dunungan Neng Titin, nu boga ieu imah, terus-teras we kuring teu pati apal naon pagaweanana. Ngan nu eces mah manehna teh jalma beunghar...
Lalakina ngaranna teh Pa Bakri. Umurna aya lima puluh taunan. Awakna rada lintuh. Huluna botak. Ari pamajikanana Bu Endah, umurna sahandapeun Pa Bakri, ngan angger geus deukeut kana umur lima puluh taunan. Awakna lintuh teu katulungan, bayuhyuh...
Maranehna boga budak lalaki, geus rumaja, saluhureun Neng Titin. Deni ngaranna teh. Ayeuna, cenah manehna keur kuliah. Naon ari kuliah, kuring teu pati ngarti. Da di bangsa cakcak mah euweuh basa kuliah teh...
Salila kuring jeung Si Cakem hirup di dieu, kaayaan teh tengtrem. Euweuh nu aneh-aneh. Kahirupanana meh bisa disebut kitu-kitu wae. Neng Titin sok tembong hudang janari, tuluy kaprak-keprek masak bari beberesih.
Isuk-isuk kadaharan nu haraneut geus ngajagrag na meja makan. Nu boga imah ge mimiti salasarap. Kadang bareng, kadang sorangan-sorangan...
Pabeubeurang, mangsa di imah rada simpe, kuring sok turun tina lalangit jeung Si Cakem. Kitu lah tingkarayap kana tehel, tuluy naek kana meja makan. Neangan remeh keur ganjel-ganjel beuteung.
Kitu pagawean teh ari ceuli mah awas, mun kadenge aya sora manusa datang, kuring jeung Si Cakem sok buru-buru kabur. Untungna deuih di imah ieu mah euweuh ucing. Da mun aya mah meureun moal bisa turun tina lalangit. Nyiar dahareun ge meureun kapaksa ngadagoan reungit atawa rametuk nu datang... Kawilang alus we nasib teh...
Ngan dina hiji peuting mah bet aya kajadian nu aneh di kamer Neng Titin. Kira-kira tabuh sabelas, Pa Bakri rerencepan asup ka kamer eta. Kuting jeung Si Cakem nu keur ngadodoho reungit, puguh we rada heran...
"Rek nyinahaon Pa Bakri ka dieu?" cek kuring rada ngaharewos.
"Teuing atuh," tembal Si Cakem. "Cuang tempokeun we..."
Kuring jeung Si Cakem ngadedempes. Hayang apal kana pamaksudan Pa Bakri lain wayah kukulunuan ka kamer Neng Titin. Aya reungit pakngerengeng ka hareupeun ge diantep we...
"Moal kapendakeun ku Ibu kitu?" Kadenge sora Neng Titin halon.
"Moal da sarena oge jiga bangke Si Ibu mah..." Cek Pa Bakri.
"Lah, abdi mah sieun, Pa..." cek Neng Titin deui.
"Sieun naon? Bapa nu tanggung jawab aya naon-naonna mah..."
"Leres?"
"Enya. Gowat atuh!" Pa Bakri jiga nu teu sabar.
Najan lampu di jero kamer dipareuman, tapi da kaciri reyem-reyem tina cahaya lampu nu norobos loster ti rohangan makan. Neng Titin ngudar bajuna. Kitu deui Pa Bakri. Geus kitu mah...
"Nyinaraon nya eta kikituan?" Cek kuring ka Si Cakem. Da saumur hirup ge asa kakara nempo jalma papuket kitu mah.
"Nyao, kami mah teu apal..." Cek Si Cakem.
Antukna kuring jeung Si Cakem ngalalajoan kalakuan Pa Bakri jeung Neng Titin nepika lekasanana. Kitu teh bari teu ngarti nanaonan maranehna teh.
"Kem..." cek kuring ka Si Cakem.
"Hem. Aya naon, Kang?"
"Cuang nyumput ka tukangeun lomari, yu!"
"Ey, rek nanaonan?"
"Ah, nya wang nyumput we..." cek kuring bari tuluy ngudag Si Cakem.
Si Cakem lumpat ka tukangeun lomari. Ari geus di dinya mah Si Cakem teh pasrah dikumaha-kumaha ku kuring ge.
"Oh, meureun Pa Bakri jeung Neng Titin ge kawa urang kikieuan, nya?" Cek Si Cakem.
"Enya meureun..." Cek kuring karek kapikir. "Tapi kitu nya ari bangsa jalma mah? Bari lila dih, teu boga kacape..."
Si Cakem ngagitek-gitekeun buntutna. Ogoan di dituna mah. Ck, ck, ck, ck, cenah...
Nu mimitina asa aneh, ari remen nyaksian mah jadi biasa deui. Pa Bakri jadi remen pisan peuting-peuting rerencepan asup ka kamer Neng Titin. Katempona Neng Titinna oge jiga nu ngadagoan. Geus asup mah terus we galungan. Rengsena; kalayan culang-cileung Pa Bakri ninggalkeun kamer Neng Titin...
Ngan ketang, hiji peuting mah aya kajadian nu aneh deui. Sabot Pa Bakri galungan jeung Neng Titin, panto kamerna aya nu ngetrokan. Pa Bakri buru-buru nyumput ka handapeun dipan. Pakeanana nu ngalumbuk dina tehel ge dibetot dibawa ka handapeun dipan.
Kuring jeung Si Cakem rada olohok. Teu pati ngarti naha Pa Bakri kitu peta.
Geus kitu Neng Titin nu geus dibaju deui nyampeurkeun panto kamerna.
"Saha?" Cek manehna.
"Kuring, Tin..." sora Si Deni ning, anakna Pa Bakri.
Bray panto kamer dibuka. Deni tuluy asup ka jero.
"Aya naon, A?" cek Neng Titin.
"Sssttt!" Cek Si Deni bari ngaragamang kana cangkeng Neng Titin.
Euh, geuning bapa jeung anak teh sarua wae kalakuanana teh. Ngoromeoh pembantu. Kuring jeung Si Cakem mah bati gogodeg. Kitu geuning ari kalakuan bangsa manusa. Bapa jeung anak titeuleum kana jungkrang nu sarua... Tuh, tuh, da tuluy galungan deui wae, jiga jeung Pa Bakri. Salila Si Deni galungan jeung Neng Titin, Pa Bakri mah meureun ngahephep handapeun dipan.
Si Cakem nereleng kana tembok, ka handap ngadeukeutan dipan. Kuring nuturkeun. Cle Si Cakem kana tehel. Kuring ngarandeg, ngawaskeun... na rek naon manehna teh? Katempo Si Cakem lumpat, tuluy... naek kana beuteung Pa Bakri. Atuh Pa Bakri reuwaseun. Manehna ngagurubuk bari ngagoak.
"Uaduh...!!!" Cenah.
Atuh Si Deni nu keur galungan jeung Neng Titin ge ngagurubug. Reuwaseun aya jalma ngagoak handapeun dipan. Manehna gentak ngajewang samping, rap dipake. Tuluy manehna dongko nempo kana handapeun dipan.
Breh katempoeun aya bapana...
"Bapa nyinaon di dinya?" cek Si Deni.
"Maneh nyinaon los-los ka dieu?" Pa Bakri kalah malik nanya.
Si Deni ngabetem. Pa Bakri ngabetem.
Kuring nyikikik. Ck, ck, ck, ck, ck!!! Muji kana kajahilan Si Cakem. Ngadon ngareureuwas Pa Bakri. ***

CERPOM  KA DUA

Lalakon Mudik

Ku Siti LS

Poe ka dalapan likur, kuring balik ka lembur, indit ti Bandung pasosore ba'da asar sabab ngahaja muru peuting. Seunggah nyanghareupan macet. Malum atuh geus ilahar sarta teu aneh deui unggal taun oge, saminggu samemeh poe lebaran, di terminal sok heurin ku jelema, pon kitu deui kandaraan marema, matak ngaheurinan jalan. harita oge pernah kaalaman ku kuring, palebah Rancaekek kajebak ku macet ampir opat jamna, biasana Bandung - Garut ukur tilu jam, harita mah nepi ka genep jam, jabaning panas hawa kandaraan tea lain lawaneun.
Ti imah kuring kana taksi, nepi ka terminal jam satengah lima sore, jut kuring turun tina taksi, teu langsung milih beus, barieukeun, olohok mata simeuteun, nitenan jalma-jalma  anu lilir liwat, matak hese usik. Teu dek kitu kumaha atuh, dicita-cita ti imah rada lowong ngemplong ari pek kanyataanna kalah beuki budal, siga siraru kaluar tina liangna.
Sajam panceg kuring ngajengjen kesel di terminal, can meunang kandaraan. Iwal rasa hariwang jeung, hariwang anu aya dina hate galecok sorangan.
"Kumaha lamun magrib can indit keneh, jabaning sorangan. Anu di lembur arep-arepeun."
"Garut..., Bayongbong... Garut! Bu Garut...!" Kondektur gugupay ka kuring.
"Moal Kang," tembal kuring bari gigideug, sabab hate teu merean ari kudu naek kana mobil anu sakitu pajejelna mah.
Ngabandungan kitu kuring teu beakeun akal, Henpon dicokot tina kantong tuluy we nelepon lanceuk anu aya di lembur, niat kuring menta dijemput make motor, meh bisa salempat salempit beda jeung mobil. Kabeneran pisan lanceuk nyanggupan, sarta kuring ngadagoan di hiji rumah makan Padang, anu deukeut ti terminal, sakalian buka puasa.
Ahirna kahariwang ngadadak sirna, sabab lanceuk geus anjog, sanggeusna tarapti ngan biur we motor anu ditumpakan ku kuring nyemprung, teu sakara-kara geuning, jam tujuh ti terminal, jam sapuluh geus nepi ka imah.
Sanepina ka imah, pada ngabageakeun utamana alo kuring, anu kakara umur dua taun, manehna galecok matak lucu ningalina.
"Bibi, nyandak dus teu?" pokna.
"Dus kanggo naon Yana?"
"Acuk, Yana!"
"Naha, kedah didusan kitu?"
"Sumuhun, apanan Bapanan Ita oge, upami uih ti Bandung sok nyandak dus, lebetna acuk."
Ngadenge kitu kuring hayang seuri, na, mani lucu-lucu teuing ari budak, abong enya kangaranan budak, polos tanpa dosa. Ngabandungan kitu, di imah mani haneuteun, sabab nanggap budak.
Pok, pun biang nyarios, "Pedah eta, lamun Jang Didin balik usaha, sok mawa seuseuheun diwadahan kana dus"
"Yana! Bibi teu nyandak naon-naon ku margi, Bibina alim ridu sareng teu aya waktos kanggo balanjana, Bibi sibuk teras."
Kuring ngupahan Yana, anu keukeuh nanyakeun dus.
"Ari, acuk kanggo Yana,  mana bibi?" ceuk budak bari semu ngarenghik.
"Enjing, Yana bade ka toko Asia, hoyong naek Mobil Lazer."
"Mangga, mangga tapi Yana, tong baong."
Geus diomongan kitu teu sakara-kara, janari ka salapan likur, kuring sahur ngariung jeung kulawarga, teu kaliwat Yana oge milu nyaring, sanajan ngaganggu, tapi karasa nimat jeung asa kahibur.
Jam genep isuk-isuk, Yana geus ngaguyah-guyah.
"Bibi gugah, hayu urang meser acuk tea."
Kuring teu nembal sabab tunduh, malum biasana hudang jam tujuh, ari seug ayeuna kakara jam genep geus diguyah-guyah. Ningali kuring teu malire, budak nyampeurkeun indungna.
"Mamah, gugahkeun Bibi,"
Indungna anu keur ngadonan kue, nembalan "Mangga, keun ku Mamah urang gugahkeun, tapi hayu Yana, ibak heula."
Diomongna kitu budak nurut, kuring oge langsung hudang, bari tuluy ka cai.
Panceg jam dalapan, kuring jeung Yana geus saged, dek ulin ka kota ngupahan budak, anu hayang baju lebaran, indit teu ngan saukur paduduaan, tapi kuring sakalian ngajak adi anu bungsu.
Sanepina ka tujuan, matak sarengah heurin usik teu di jalan teu di toko pararinuh, kuring bingung, sabab mawa budak, kumaha engke mawa balanjaan.
Pok Yana nyarita, "Bibi palay es krim."
"Mangga," ceuk kuring bari nyolongkrong, nyokot es krim.
Sabot, di toko, kuiring jongjon barang beuli, ari adi maturan Yana anu keur maen gim.
Beres babayar, kuring nyampeurkeun adi jeung alo.
"Seep sabarahaeun"
"Lima puluh lima ratus, Teh!" tembal adi.
"Astagfirulloh, atos ah, mendingan dipeserkeun ka nu mangpaat." Weleh, Yana merod.
"Sawios, ari alim acuk mah," ceuk kuring ngolo Yana.
"Mangga atuh," bari kerung turun tina mobil lazer.
Balanjaan, teu waka dibawa, dipihapekeun heula di tempat panitipan barang, sup kuring asup ka toko pakean anak-anak.
"Yana, hoyong anu mana acukna?"
"Palay anu sapertos Ita."
"Apan, Ita mah istri, maenya Yana bade nganggo acuk Istri"
"Nu ieu we, sae, aya gambar Snupi."
Palebah masalah baju teu rewel, Yana unggeuk.
Tengah poe kuring kakara balik, babawaan manu rebo ngan untungna Adi anu mawana, da kuring mah ngais Yana, anu sare.
Enya mun dipikir-pikir mah, alah batan ka anak sorangan. Can tangtu ka anak sorangan mah bisa kieu, sabab boro-boro ka boga anak, kabogoh ge can boga, tapi teu kitu ari hate ihlas mah, asa bagja we, teu boga rasa rugi, pon kitu deui ka adi sorangan.
Nepi ka Imah, Yana hudang, ukur nyelang nyusu, manehna hideng sorangan ngaluar-luarkeun balanjaan, sarta biwir teu jempe hayoh galecok.
Ari kuring teu malire, langsung ka cai solat lohor, langsung sare.
Adan asar kuring hudang, mandi solat, dangdan, tuluy menta dianteur ka adi erek ulin ka babaturan eukeur sakola di SMA.
Geus nepi ka imah babaturan, adi dititah balik deui, sabab karunya, ari kudu nungguan mah.
"Assalamualaikum,"
"Waalaikumsalam," kadenge ti jero imah, kulutrak sora panto dibuka. "Bade ka saha?"
Dedegan jangkung leutik, nanya ka kuring. Kuring seuri, "bade ka Tika." Padahal dina hate apan yen eta Tika, tapi manehna teu apaleun.
"Abdi, ti mana nya?"
"Piraku maneh, teu apal ka urang" sombonglah.
"Tuti...!"
"Heueuh urang, naha meni poho?"
"Bener urang pangling, maneh jadi geulis,"
"Ah, siah, biasa we,"
"Heueuh, keun sukur ari kitu mah urang milu bagja"
Teu karasa ngaler ngidul, sajam deui adan magrib.
"Ka, buka di luar yu," kuring ngajak ka Tika.
"Hayu wae, urang mah, asal ditraktir,"
"Gampang, buru atuh geura dangdan."
Satengah genep, kuring jeung Tika indit ka ceplak, pasar dahareun, anu kamasur di Garut, tempat panineungan basa kuring masih keneh sakola.
Keur anteng, ngobrol bari ngadagoan adan, ti tukang aya anu nepak, "Hai"
Kuring reuwas.
"Kumaha damang?"
"Pangestu"
"Kumaha, Tuti di mana ayeuna?"
"Di Bandung,"
"Pirang, di mana?"
"Aya we di dieu, nganggur."
"Pirang dek buka di dieu"
"Enya puguhan"
"Kabeneran, hayu atuh bareng."
"Kumaha, nya..."
"Naha kadon nanya, hayu itung-itung reuni."
"Enya ari kitu mah"
"Tapiii...!"
"Tapi ku naon?"
"Pirang teu sorangan."
"Jeung saha?"
"Ieu."
Pirang nungtun saurang jajaka.
"Oh.., naha teu dikenalkeun, atuh?"
Teu sawatara lila, kuring jeung eta jajaka geus silih wanohkeun, ngan brak we dahar balakecrakan, bangun anu akrab, sanajan keur eta lalaki mah anu ngamimitian.
"Rang, geus jam tujuh, kuring balik ti heula,"
"Tapi sono keneh."
"Sarua, kumaha atuh sieun kapeutingan,"
"Iraha panggih deui?" tembal pirang.
"Insya Alloh, ba'da lebaran urang ulin."
"Siap lah, pokona mah omat mere beja."
Geus pamitan ka kabehan, kuring indit, dituturkeun ku gugupay babaturan, sabab Tika balikna bareng jeung Pirang, lantaran imahna padeudeukeut, teu jauh ti eta tempat.
Ti pasar Ceplak, ka pangkalan angkot rada anggang, kuring kana beca, turun tina beca, sagigireun kadenge aya anu nanya.
"Ti, uihna ka mana?"
"Arif, naha aya di dieu, Pirang mana?"
"Tos di bumina."
"Arif, bade ka mana?"
"Bade, wangsul."
"Tuti uihna ka mana?"
"Ka bumi"
"Sumuhun ka bumi, tapi ka palih mana?"
"Ka Cianyar, satengah jam upami ti dieu mah,"
"Dupi, Arif ka mana mulihna?"
"Ka Ciwalen"
"Naha ka Ciwalen, aya di dieu?"
"Bade ngajajapkeun, Tuti."
"Dipiwarang ku Pirang?"
"Henteu."
"Teu kedah, bade naek angkot."
Bari teu nolih ka Arif, langsung kana angkot, kuring reuwas, naha naon maksudna, nepika edek nganteurkeun, padahal kakara apal sajan ka tukang, eujeung deuih pan Arif kabogoh Pirang.
Teu karasa, dibarengan ku ngalamun, geus nepi ka Cibulakan pangkalan ojeg, jut kuring turun, kira-kira tilu lengkah, kadenge aya anu nyebut ngaran kuring.
Kuring ngalieuk, kacida reuwas, anu ngageroan kuring Arif, manehna nuturkeun kuring.
"Arif bade ka mana, naha di dieu?"
"Palay terang bumi Tuti."
"Naon maksadna?"
"Nya palay terang."
"Upami tos terang bade naon?"
"Bade ameng."
"Naha moal aya nu nyeuseul kitu?"
"Saha kitu, anu wantun nyeuseulan ka Arif?"
"Nya, titik-titikna."
"Yu, dijajapkeun ka bumi."
"Hatur nuhun, tapi itu pun adi ngajemput."
"Oh, kitu nya sawios ari kitu mah, punteun nya,"
"Teu sawios-wios, barina oge teu lepat?"
Kuring malikkeun awak, kakara oge malik, Arif geus ngagero.
"Ti, di Bandungna di mana?"
Kuring teu ngajawab, ngan kusiwel ngaluarkeun kartu nama, song diasongkeun. Arif nampanan, "Hatur nuhun" tembalna, kuring unggeuk.
Poean lebaran kira-kira jam satengah dalapan, hape disada, kaluar nomor anu teu wanoh, bareng dihalowkeun kadenge sora lalaki uluk salam.
"Wilujeng Boboran, Minal Aidzin Walfaidzin"
"Dupi ieu saha?"
"Tos hilap nya, Arif."
"Eh, Arif, kumaha Rif, damang?"
Kuring ngamimitian gunem catur jeung Arif, sajam lilana Arif nelepon ka kuring, nya ahir-ahirna, nepi ka wanoh, tina wanoh akrab tina akrab mimiti wani, Arif datang ka imah, sarta ngajak ulin, saminggu di lembur teu karasa poe Minggu isuk, kuring kudu balik deui ka Bandung, sabab kawajiban geus ngadagoan nyaeta gawe, tapi angger sanajan jarak anu sakitu jauhna, kangaranan pangaresep sarta geus kagok geugeut, hese pikeun dihalangan kitu pok-pokan Arif.
***

0 komentar: